KABAR MERDEKA |Rebun-rebun geus nyemprung, mubus jeroeun halimun bungur, minggu kaopat awal bulan ieu. Minggu di mana geus jangjian jeung Ki Sobat urang tutugan Gunung Singa.
“Poe Minggu we ka dieu, Bro. Meh laluasa ngobrolna.” Kitu cenah dua poe ka tukang. Ceuk manehna anu sapopoena jadi bulu taneuh geger pasir, teu sirikna indit poek mulang ge geus poek leuwih ti sareupna.
“Loba pisan obrolkeuneun teh, utamana ngaludang pengalaman jaman urang di pondok,” sambungna deui. Jelasna mah bahan kuring anu loba tetelepek ka manehna teh, ngeunaan toponim sabudeur Gunung Singa, Si Legend tea.
Ti bareto mindeng ngadenge dongengna utamana ti jenatna bapa Kuring; ngaran-ngaran lelewek anu pakuat-pakait jeung Sang Legend Gunung Singa. Samalah mah mangsa umuran sakola dasar mindeng ditutungtun ngunggahan baraya. Ku lantaran inyana teh pituin putra tutuganana, wewengkon Cisiritkuda.
“Cisiritkuda teh, tilu kecap kantetan, cai, sirit jeung kuda alias cai kiihna kuda. Anu mana area luhureunana teh katelah kampung Gedogan anu hartina kandang kuda.”Kitu cenah, dedengean we Dina ceuli. Sababaraha kali ngeureunkeun kendaraan dina titik-titik panineungan mangsa reureujeungan jeung nu jadi bapa, panineungan jeung para sobat SMA, oge para sobat sakampung bareto. Puguh we, kakayaan kitu teh teu weudeu matek kakelar, tepi ka teu karasa juru panon teh bet ibunan.
Kuring oge ngajengjen heula dina tanjakan puncak Dukuh Atas, ngembratkeun panenjo ka amparan kutaraja kabupaten anu ayeuna geus pinuh ku parentulna gedong sigrong welasan tingkat. Bangunan pasar modern anu marakbak, alun-alun turta wangunan komplek kantor puseur pamarentahan di peuntas kaler. Ah, teu kuat lila geuningan melongna oge. Ngangres jeung rus-ras ka mangsa ka tukang. Ceuk KoesPloes tea mah “Terlalu indah untuk dikenang, terlalu manis untuk dilupakan.”
Panonpoe geus rada nyeureud, basa kendaraan markir di hiji buruan imah pangtungtungna belah kidul, nyaeta Kampung Dukuh Atas anu paeunteung-eunteung pisan jeung jegirna Gunung Singa. Dua piring kulub sampeu ngabageakeun marengan mulek kebulna noelan mamaras rasa. Ki Sobat reujeung pamajikanana wehwer mapag, mere jeda ngaso sajongjongan.
Ngobrol ngaler-ngidul, ngeunaan dunya cinta, kahirupan oge ngeunaan kahirupan paseu kadua engke.
“Yu ah urang leuleumpangan ka kebon uing, bawahan Pasir Hantap. Geura yu moal teu plung-plong tetenjoan ka Gunung Singa jeung sabudeureunana.”cenah bari ngudar sila. Duaan pairing-iring turut-turut jalan setapak nonggoh tug gok weh ka mumunggangna, tempat biasa inyana ngaso.
“Uing mah beja ti bapa jeung abah we.” cenah, sanggeus sila tutug dina amparan jukut renyek. Minangka ‘sinyal’ bubuka carita memeh kuring nanya ituh inih ka dirina.
Gunung Singa kacida simaanana, ngajunggiring hareupeun duaan. Ngan bae nomplokkeun kakeueung jeung ketir lain meumeueusan.
Gunung Singa teh cenah jangkungna 1.033 mdpl, di bawahan Desa Campaka, Kacamatan Soreang kabupaten Bandung Jawa Barat. Geger sisina anu nangtung mangrupa babatuan beku, sawatara bagian luarna katenjo geus bobo.
Gunung Singa teh boga adi, ngaranna Gunung Sadu, anu jangkungna ukur 893 mdpl tebeh wetan atawa wetaneun walungan anu ngalir KA wewengkon kasabit, nyatana walungan Ci Widey jeung jalan raya Soreang-Ciwidey. Kira-kira tilu kilo meteran ti kantor Pemkab Bandung ka jihat Ciwidey, kitu ceuk inyana nu boga ngaran Oleh Sujana atawa simpelna Mang Oleh bae.
Gunung Singa jeung Gunung Sadu keur sabagean masyarakat Soreang mibanda carita nenggang. Maranehna ngariwayatkeun yen Gunung Sadu teh aya nu ngageugeuhna nyatana Embah Eyang Paduraksa. Lamun Embah Eyang kasabit keur ngabedega nagogan daratan Soreang, anu cenah baheulana pisan mangrupa basisir dano Bandung purba. Mangka keuneung katuhuna nyeblok di puncak gunung Sadu, sedengkeun keuneung anu kencana rada ngangkang nete di puncak Gunung Singa, sarta handapeunana ngalir walungan Ci Widey. Bisa jadi meureun gambaran Eyang Paduraksa teu beda jeung buta teh keur nunjukkeun luhurna elmu pangaweruh jeung kaluhungan komarana, luyu jeung ngaran gunung anu ditincakna, Sadu NU ngandung harti luhung elmu jeung lemesna budi pakerti.
“Ari Gunung Singa mah baheulana teh digeugeuh ku sagorombolan kuda jangjangan atawa katelahna kuda samperani anu sifatna mahluk astral. Samemeh ahirna parindah ka gunung indung di wewengkon Ciwidey, gunung indung teh katelah Patuha. Atawa ku sabagean warga mah pada nelah Gunung Sepuh. Mangsa pindahna gorombolan kuda samperani harita, kajadianana kira-kira dina pertengahan jaman orde baru. Jadi, ayeuna mah geus lain nu ngageugeuh Gunung Singa deui.” ceuk Mang Oleh daria.
Kecap samperani teh apanan mun dina beusi mah besi berani atawa beusi mahnet. Ku kituna bisa dihaminan mun titinggal maranehana teh di antaranya bae ayana geugeusan batu anu ngandung Medan mahnet di masing-masing puncakna. Teu nutup kamungkinan mun batu jinis andesit medan mahnet panglobana aya di Gunung Sepuh. Ceuk Mang Oleh deui, di tebeh kaler Gunung Singa ge aya pasir nu katelah Pasir Kuda, cenah baheulana paragi pangulinan para samperani. Sawatara jihat wetan suku gunungna aya leuwi bagian ti walungan Ci Widey panonoban abrulan munding ngaderum jeung ngoyok satutas pancen di sawah. Tah eta lahan tepikeun ka kiwari katelah Leuwi Munding, leuwi di mana para kuda samperani oge ngilu daratang baur ngeueum.
Saenggeus lila icikibung turta ngeueum marengan para kebo, para semperani pating belesat muru mumunggang anu tepi ka kiwari katelah Cadas Ngampar, ngadon maroyan atawa darepa ngabageakeun hibar layung. Muter ka belah kaler, para semperani tarurun ngadon bubuang di lelewek matuh nyaeta Cisiritkuda tea keur satuluyna marumbul ka mumunggang luhureunana, ngaraso sekaligus ngampih, tah ieu lelewek nelah weh kampung Gedogan. Ceuk Mang Oleh kieu,
“Dina eksodusna nuju gunung indung, nyatana Patuha, atawa Gunung Sepuh, para samperani teh kaburu keneh ngaso di sababaraha lokasi.”
Cenah detik-detik halijrahna kacida geueumanana, samalah puncak Gunung Singa ngalaman semplek, paburaset akibat momotan tejehan rosa samangsa haliber bareng. Teu wudu ngabalukar urug, mangpengkeun babatuan sagarede gajah jeung kebo patingbelesek di satengahing area sawah tebeh kalerna. Hadena teh taya catetan daria anu nuduhkeun bra-bruna korban nyawa, hartina teu ngabinasakeun warga da meureun can gegek ku galitukna imah samodel ayeuna. Para samperani teh haliber nutug ka lebah sasak jajaran catang kalapa, sakeur nojer mumbul deui ka nu leuwih luhur, atuh catang kalapa teh rabul marurag kana sisi kuta, katelah weh lembur eta teh Catangcengkat. Marumbulna ti Catangcengkat teh muru lelewek Kampung Bangsalbahe, area pasawahan lamping anu harita keur sumedeng bencing. Mana pantes, parena atawa bangsalna rabul alias bahe katejeh jeung kakebutkeun jangjang-jangjangna.
Ki Sobat cengkat, bari nunjuk ka sababaraha lengkob jeung punclut tutugan Gunung Singa lebakkeun, tangtu bari nataan ngaran-ngaran lembur anu tadi jadi buah obrolan duaan. Cenahna deui ngembohan, yen ngaran-ngaran lembur sasesana mah nyoko kana ngaran bungbuahan anu jaradi di dinya, aya Pasir Menteng, Cikadu, Dukuh, Cikupa, Cihuni, Sinday, Bojongkokosan, Babakanjamblang, Pasirseguk, jeung rea-rea deui.
Balik deui kana lalakon para kuda samperani, cenah satuluyna mah haliber cepet nuju ka punclut Gunung Sadu keur sababaraha poe mah ngalaliher. Ti dinya, kakarak weh patingbelesat nuju ka area finish nyatana puncak Gunung Patuha. Numutkeun Mang Oleh, nutur saur ti iber para kasepuhan, para samperani teh dumuk maneuh di dinya tepikeun ka kiwari.
Pas samemeh kilometer 41, jalan raya Ciwidey ka Rancabali-keun anu nyagak ngenca, tah eta teh jalan tobrosan ka kawah putih, kawah purba anu aya dina posisi 2000 mdpl jangkungna, singsarwa bodas ku alpukah tamperan lebu gunung api. Hal ieu teh ngingetkeun lelembutan kana ngaran ‘Sunda’, ceuk para ahli semantik mah cenah hartina bodas. Disawangna kieu, samangsa Gunung Sunda bitu rongkah, anu sacara geologis kajadianana dua rintakan nyaeta 100 rebu tepi ka 105 rebu nu geus kaliwat. Tamperan lebu bodas nyimbutan ranah Priangan, anu antukna pada nyebut nagri tanah putih atawa lemah Sunda. Cenah deuih, gorombolan kuda samperani remen ngabrul daratang ka lelewek kawah putih, Rancabali oge ka Siti Patenggang. “Mun kawenehan jeung panon batin keur muka, mangka bisa wae abrulan para samperani teh kabandungan sacara atra, di wewengkon-wewengkon anu bieu ditataan, utamana dina mamaleman bulan purnama.” Kitu ceuk Ki Sobat, tapi bari teu burung seuri myikikik. Wallohu A’lam. Panon poe lingsir, marengan kalangkang bagilir, lengkah mudun turut-turut jalan setapak geusan ngaso sajongjongan, ngarah lengkah beuki panjang natab lalakon ringkang jeung endag pajamanan . Heup heula.***
(Emha Ubaidillah)













