Ngaraketkeun tali mimitran antara majlis ta’lim jeung sakola umum
KABAR MERDEKA |Program guru ngaji (GN) anu dihangkeutkeun langsung ku Bupati Bandung, Dr. HM. Dadang Supriatna, S.Ip, M.Si lumangsung geus leuwih ti dua taun tepikeun ka ayeuna. Kalayan berekah ngawujudna kasinerjian antara majlis ta’lim-majlis ta’lim jeung sakola umum boh SD boh SMP sawilayah kabupaten Bandung.
Hal mana bisa dirasakeun hususna bae di SD Negeri Sapan 01 wewengkon Desa Tegalluar Kacamatan Bojongsoang. Drs. Dedi Mulyadi salaku kepala sekolah-na nandeskeun kalawan gamblang,
“Ayana program sekolah mengaji lungsuran Bapa Bupati teh teu kinten pikareueuseun ku margi leubeut tur euyeub mangfaatna. Para GN dongkap maneuh ka ieu sakola karaos pisan bantosanana kantenan kangge para siswa anu tarolab elmu ngalengkepan pangajaran baca tulis Qur’an (BTQ) apingan guru PAI-na masing-masing. Sakaligus ngawangun anak didik dina nyitak turta metakeun karakter budi pakerti anu soleh tur solehah.” Kitu cenah ceuk ieu pupuhu sakola anu jeneng mupuhuan SD Negeri Sapan 01 salila tilu taun tepikeun ka kiwari.
Hal serupa diharaminan ku guru PAI-na, Ira Komara Dewi, S.Ag oge Nia Kurniati, S.Pdi di mana sabagean buah kagiatan GN kasabit bisa ngawangun sifat sareujeungan sareundeuk saigel sabobor sapihanean kumna para siswa-siswi, ngeureuyeuh ngabiasakeun kagiatan shalat dhuha, shalat dhuhur berjamaah, ngiring aub kagiatan MTQ antar sakola sakacamatan Bojongsoang, ngeureuyeuh kagiatan pasantren kilat (sanlat) Ramadhan, pangpangna mah neueul dina ngagecek widang BTQ-na geusan modal jagana di sakola lanjutan, kitu ceuk arinyana, daria pisan.
Dedi Mulyadi anu saacanna mancen dines di SD Negeri Citiru 04 Kutawaringin Soreang salila dua taun, satuluyna nandeskeun deui mun SD Negeri Sapan 01 dibantu ku 12 ustadz-ustadzah ti masing-masing majlis ta’limna, nyaeta Ustadz Iif Miftahudin, Agus Nasrudin, Karfia Ubaidillah, Rizwan Fauzi, Ustadzah Elin Parlina, Dewi Nur Handayani, Delisya Alfiyani, Eva Purnama, Sulastri, Nurhayati, Anggel Lina Laila Azra, oge Farrah Anggraeni. Inyana kacida ngarojongna kana kagiatan GN di lingkungan sakola anu dipupuhuanana. Ku kituna, ka para GN supaya tigin kana pancen muruk ngaji luyu reujeung jadwal anu geus diagendakeun, kitu ceuk ieu kepala sekolah anu nganjrek teu pati anggang ti komplek sakolana, nyaeta di Sapan RT02/12 Desa Tegalluar.
Hal sarupa oge ditembrakkeun ku ketua GN Kacamatan Bojongsoang, Ustadz Wawan Sofyan, S.Pdi.
Malahan, pengawas PAI jeung GN Kacamatan Bojongsoang, Dra. Pupun Sopiah, M.Pd ngaembohan yen sakumna para asatidz-asatidzah anu samiuk dina beungkeutan simpay GN sakabupaten Bandung teh moal disasaha deui ku lantaran geus diaku salaku bagean ti ‘keluarga besar’ PGRI, ku kituna teu kudu ham-ham jeung ‘minder’ nalika aub-baur ancrub muruk ngaji di sakola umum, boh di SD boh di SMP, kitu cenah daria. Nyikepan hal eta, para GN oge teu kurang-kurang nganuhunkeun pisan ka pihak sakola utamana mah ka Bapa Bupati Bandung anu geus ngahiap turta ngabageakeun para praktisi majlis ta’lim, tiasa muruk ngawulang di sakola umum.***
(Emha Ubaidillah)













