Example floating
Example floating
News

Gedong Budaya Sabilulungan (GBS) Sepi Pertunjukan. Naon Sababna?

434
×

Gedong Budaya Sabilulungan (GBS) Sepi Pertunjukan. Naon Sababna?

Sebarkan artikel ini

Jurnalis : Lili Guntur
BANDUNG – KABAR MERDEKA | Budayawan Sunda Kabupaten Bandung,Hery Awie alias Abah Awie netelakeun  pangna Gedong Budaya Sabilulungan  (GBS) sepi pertunjukan  alatan teu diberdayakeun.  Pihak anu mibanda otoritas teu paham  kana kahayang seniman budayawan Kabupaten  Bandung ngeunaan ayana  GBS.

iklan layanan masyarakat
© kabarmerdekanews.com

“Tangtos jempling da teu diberdayakeun. Teu apaleun kudu dikumahakeun. Muga wae bupati nu bakal datang ngajak ngobrol sangkan apaleun maksud diwanguna eta gedong,” cek Abah Awie ngaliwatan  pesan WhatsApp  anu dikirimkeun kanu nulis, Saptu (10/8/2024).

“Salami ieu  seniman budayawan pituin Kabupaten Bandung malah sering mintonkeun karyana di Kota Bandung,” kitu nu kungsi kadenge ti Abah Awie.

Ayana GBS  Pangdongsok Pasebban
Sawatara taun ka tukang nu nulis kungsi ngobrol jeung inyana (Abah Awie)  ngeunaan masalah GBS.  Yen diwanguna GBS teh eta mangrupa obsesi para seniman  budayawan  Kabupaten Bandung anu tergabung dina organisasi Pasebban (Paguyuban Seniman dan Budayawan Kabupaten Bandung), sangkan kuayana GBS  kreatifitas seniman budayawan di Kabupaten Bandung mingkin mekar. Turta bisa mintonkeun hasil karyana sacara mayeng di GBS.

” Ti 2002 Pasebban terus ngadorong sangkan pihak Pemkab Bandung ngawujudkeun cita-cita seniman budayawan sangkan mibanda gedong budaya,”cek Abah Awie. Anu ahirna eta kahayang teh tinekanan samangsa kapamingpinan bupati Obar Sobarna direngsekeun pangwangunanana ku Dadang Naser  anu jeneng Bupati Bandung (2005 – 2010/2010 -2015).

Padahal urang Disparbud Kabupaten Bandung oge mengakui yen potensi seni budaya di Kabupaten Bandung teh kawilang leubeut,ti wit Wayang Golek, Jaipong, Silat, Teater, Calung, Seni Lukis, Karawitan,jeung sajabana. Sahingga ku Disparbud kungsi diakomodir ,  supaya bisa ngayakeun latihan jeung pintonan (ngamen) di selasar  GBS.

Baca Juga  Debat Perdana Calon Presiden, IMO-Indonesia: Semua Kandidat Punya Poin

“Ku ayana selasar GBS dijantenkeu  tempat latihan sajumlah komunitas seni nu aya di Kabupaten Bandung sebagai bukti tanggungjawab jeung rasa cinta  Disparbud Kabupaten Bandung ka para seniman pikeun bisa nampilkeun kreasina sehingga bisa diapresiasi ku masarakat.” Cek Aten Sonadi ti Disparbud kanu nulis sawatara taun kalarung . Tapi da kagiatan kituna oge ukur sageprakan, tug ka kiwari teu kadenge deui gaungna.

Cek Aten harita (2020), mun seniman budayawan Kabupaten Bandung hayang bisa  konser di GBS saratna mah teu hese nu penting seni nu rek ditampilkeunana betul-betul bermutu ,profesional sarta mibanda nilai jual! Kitu basana!***