Tah eta imutna, nu ngabalukarkeun ieu hate ngalumburuk taluk. Pas teuteupan munggaran jeung manehna. Lain heureuy, ieu rasa kabetrik asih kapentang tresna. Atuda eta imutna mani nyari, tulus mulus nikem jajantung. Bet asa panguntungna sakeur kuring anu cenah boga cupat tomboy jalingkak. Mimiti panggih teh, basa diwanohkeun ku produser, mangsa meeting pra-produksi program sinetron anak anu keur dikeureuyeuh. Basa manehna asup ka rohang meeting, breh imutna tepi ka sobat sasama awewe mah patingjarerit dipengkek. Komo Aneu mah ‘so PD’ pisan,
“Astaganaga! Mani kasep kitu, moal salah deui, manehna teh jodo Aneu anu diweselkeun spesial keur Aneu.” Kituh poksang, abong ketua crew make up tukang ngageulis saumur-umur meureunan.
“Teu kapincut Nonk, ku manehna. Anjirrr, etah seurina mani kareueut kitu. Ku asa piraku jajaka gandang kitu diapi lainkeun.”
Kuring ukur ngarenyu maksakeun bari gideug. Samangsa sobat gigireun kenca ngaharewos. Rengga, kitu ngaranna teh, kapapancenan ngurus bagian lokasi shooting jeung mapag-mapagkeun artisna. Basa mapay sasalaman teh kuring mah ayem we, teu seuri teu baeud. Beda jeung para sobat anu garonjleng ngadengkleungkeun garumeulis caper-na. Malahan mah basa melong ka kuring, gentak we dipolototan bari masang beungeut kuraweud hangseur. Kagetna teh, manehna mah kalem we kalah seuri malah pageuh ngeukeuweuk leungeun kuring. Nya gentak dikepeskeun we.
“Tong galak teuing atuh Nonk ari ka nu kasepna tahap dewa kitu mah. Geura keh, tibalik jadi kamuh nu kapengpeonganana lah.”ceuk Iwed bari angger pelongna mah nanceb ka Rengga. Tepi ka beset presentasi keur urusan pamaen jeung skedulna, manehna haben wae malingan reret ka kuring. Sebel da, saeutik-gedena kuring lumayan salting lah. Tapi ah mangsabodo teuing, mending keneh jagreug we geus kapalang pada ngalandi d’miss ferfectionis. Happy we lah, Coy. Rebun-rebun teh tatahar sakumaha biasana. Scene anu rek jadi obyek teh jalan raya katut adegan tokoh anu titotog keur ngaboseh sapedah, akibat eremna ngeplos. Kabeh crew kudu aya di lokasi, stanby di sabudeureun set ngarah gampil koordinasi. Harita geus waktuna take, ari pek aya masalah di lokasi, cenah jalan kudu ditutup supagi teu bocor kana kamera. Jelas atuh kuring butuh Rengga, ari direretan bet teu aya tungtung irung-tungtung irungna acan. Kamana atuh Si Ontohod teh? Nanya ka itu ka ieu, ngadon garideug. Kabeh crew bangun mangsabodo, puguh atuh ieu uteuk jadi mulek, keuheul ngagugunung. Pas break rengse makan siang, langsung we nguriling neangan nu ngaran Rengga. Oh my God! Nu diteanganana mah geuning ngadon ngeunah-ngeunah nyangkorah kerek dina korsi panjang, sisi taman leutik. Euhh keuheulna mulen embun-embunan, malah hariwang sieun tuluy jadi Si Hulk awewena, kuring teh.
“Hallowww, please yah. Mangga geura mantog ka bumi nyalira, ari bade ngadon tiduran mah. Hudang!”Kuring ngabedega hareupeun manehna anu otomatis ngorejat tuluy hahampuraan.
“Duh, tos ngabungbang tadi wengi teh Non.” Cenah, ngeureuceum bari sura-seuri.
“Tong sura-seuri siga sero lah, moal karayu barina ge lah. Hayoh kerja, kerja!”ceuk kuring kesel atuda. Satuluyna mah manehna haben jadi sasaran sentakan kuring salila shooting. Kagetna teh manehna mah angger kalem we, anggur seuri teu riuk-riuk nyeri hate. Malah karasa nyieun polah jeung alesan sangkan padeukeut jeung kuring. Well, punten ieu hate geus digembok, bo. Tug tepi ka mangsa libur saminggu, sanggeus campleng sataun di lokasi shooting.
Cinta mah, nyeta butuh proses. Sakumaha beber layarna cinta kuring anu dimimitian ku sarwa gengsi, sarebu hiji pertahanan disinghareupan ku Rengga make strategi sumanget perang palestina. Tungtungna mah kuring serah bongkokan, balukar strategi alamina; balik babarengan, silih tukeur pangalaman, ngopdeung duaan di cafe langganan, babarengan numpak KWK 03, namperkeun suka seuri duaan.
Manehna wakca nembrakkeun cinta ka kuring pas pisan keur ngeusian acara di TIM. Nyekel pigeulang; Rengga nyaah ka Enonk, cenah. Ukur ngahuleng meueusan, kuring hideng ngarangkul,
“Nonk oge sami, sarasa.”
Duh, kumaha atuh. Sabenerna mah basa nempo manehna shalat di musola kantor, jug ngusial kapeurih; kuring jeung Rengga beda kayakinan, horeng geuningan. Cipanon teu kaampeuh, tapi tipepereket ditahan basa geus shalat manehna malik ka kuring bari ngabelenyeh manis.
“A, terang teu, mun urang teh geuning beda kayakinan?” ceuk kuring dina hiji peuting. “Naha Rengga balaka nyaah tur tresna ka Enonk?”
Lain nembal ditanya kitu teh, kalah malik nanya,
“Naha Enonk nampi atuh?”
Kuring tungkul, manehna ngarangkul pageuh, ngarasakeun jeung nyadiakeun lahan mun ieu cipanon rek bedah sapisan. Da jeung enyana, cipanon teh dibudalkeunana pisan mah di kamar. Jongjon pisan atuda. Sapeupeuting ngahinghing we, oh dewa-dewi tulungan kuring.
Basa duaan nyusur basisir, niat teh teh balaka. Saacan sagala rupana katalanjuran, leuwih hade pepegatan bae ti ayeuna, kitu ceuk pamikir teh, tangtu bari cipanon mah geus ngagarayot dina kongkolakna. Edas, Rengga geuning leuwih ti surti, manehna nangkeup salila-lila nungtungan ku harewos,
“Aa mikacinta, wungkul ka Enonk. Tug tepi ka Aa teu mikacinta deui ka Enonk.”
Kekecapan anu kacida noelanana kana mamaras rasa. Komo mun geus pok deui pok deui ngagero kuring ku landian Enonk. Duh, kumaha atuh? Cinta duaan kalah beuki pakusut; manehna teu bisa ngaleupaskeun kuring, atuh kuring oge kapalang masket ditambah dua kulawarga duaan geus pada nyaho ayana perbedaan kayakinan. Ujung-ujungna mah backstreet. Bari ngudar rangkulan teh, kuring oge ngaharewos,
“Aa sarta imut Aa oge, sawarga kangge Enonk, i love you, honey.”
Kuring wungkul hayang micinta jajaka bageur ieu. Unggal peuting teu sirikna ngoredaskeun cipanon; ngabangingik jeung dudunga. Rengga geus ngupayakeun diajar jeung neuleuman kayakinan kuring, nyakitu Kuring tapi micinta Pangeran mah teu sasaderhana model mikacinta papada jelema. Peutinganana geuwat we nelepon bari ngawiwiw,
“Honey, Nonk teu tiasa pindah kayakinan, kalayan dasar wungkul hayang miboga Aa. Cinta-Na agung teuing lamun tea mah ku urang diheureuykeun. Nonk ikhlas ngaleupaskeun Aa, mungkin hal ieu teh pangsaena keur urang.” Ceuk kuring tandes tapi ngangres. Na da ti harita, bep weh teu nyoara deui. Telepon oge langsung dipareuman. Pertarungannya mah, kuring duaan sempet nadran ka makam Bapa jeung makam lanceuk. Rengga ngeukeuweuk pigeulang leungeun. Bapa teh kantos nangis, akibat hubungan kuring duaan. Ka Rengga teu sirikna acong-acongan menta kuring diputuskeun. Saumur dumelah, karak harita ningal anjeunna ngurutugkeun cai soca. Peurih, peurih pisan. Atuda gara-gara kuring.
“Ayeuna Nonk entos nohonan jangji, Pa.” Ceuk kuring bari leumpang ninggalkeun pajaratan.
“Tetep we gumujeng Nonk, sok sanaos henteu sareng Aa deui oge.”Pokna pangger, basa geus diuk dina jok mobil. Sakuat tanaga, cipanon ditahan ulah sina ngeclak.
Tegalluar, 042024













