Ditulis ku Lili Guntur (Jurnalis media online KabarMerdekaNews.Com)
Dina hadits anu diriwayatkeun ku Abu Dawud,Tirmidzi, Nasa’i sareng Ibnu Majah, Anas bin Malik r.a.,sasauran ,pokna : Nalika Nabi SAW lebet ka masjid disarengan ku salahsawios sohabat Rosul,Anjeuna (Rasululloh) ningal Abu Abas Zaid bin Shamit nembe rengse solat, lajeng sabada dzikir Abu Abas ngadu’a ku do’a ismul ‘adzom. Anapon ari ismul ‘adzom teh nyaeta kalimah teragung, nalika seseorang ngadu’a ku du’a ismul ‘adzom ,saur Rasululloh, mangka moal ragu-ragu deui eta do’ana jalma ku Gusti Allah bakal di ijabah.
Harita oge Rasululloh barang ngadangu Abu Abas ngadu’a kalayan nganggo du’a ismul ‘adzom , mangka saur Rasululloh ka salah seorang sohabat anu harita nyarengan,”Bisi anjeun hayang apal eta jalma teh ngadu’a ku lafazh ismul ‘adzom (Nama Allah yang teragung).Mangka do’ana eta jalma ku Gusti Allah pasti di kobul.” Kitu kasauran Rosulullah.
Ieu do’ana ! Jantenkeun jimat,amalkeun nalika urang kengeng karerepet,nalika urang mayunan masalah.
ALLAAHUMMA LAA ILAAHA ILLAA ANTAL MANNAANU , BADII ‘US-SAMAAWAATI WAL ARDI DZUL JALAALI WAL IKRAAM ( Nun Gusti teu aya deui pangeran anging Allah, Engkau Mahapemberi karunia (kasaean), Maha pencipta langit dan bumi,Mahamemiliki Keagungan dan Kemuliaan).
Tah dina tung tung rengse ngadu’a ucapkeun kalimah agisnii….agisnii (tulungan abdi)…dongkapkeun rezeki tina gudang kagaiban Gusti ka tempat kami berada.Kun …fayakuun…!
Ma’asyirol Muslimin!
Hayu urang lawan kabingung sareng kasusah ku cara masrahkeun sagala rupa urusan kanu kagunganana. Wallaahu turjaa’ul umuur ( Jeung ka Gusti Allah dikembalikeun sagala urusan).
Seueurkeun ngaos istigfar. Margi saestuna istigfar teh hiji lafadz anu kalintang dahsyat. Tiasa ngadongkapkeun katenangan sareng kakuatan jiwa, oge tiasa janten wasilah kana dongkapna rezeki tina jalan anu henteu disangka-sangka.
Pidawuh Rasul dina hadits anu soheh anu diriwayatkeun ku Abu Dawud, Ibnu Majah, Albaihaqi, sareng Ath-Thabrani, wirehna Nabi SAW ngadawuh : “Sing saha anu dawam beristigfar, saestuna Allah baris ngajantenkeun kajembaran kana hate , oge maparin jalan kaluar tina sagala kasusah sareng rupa-rupa masalah, sarta Allah baris maparin rezeki ti arah anu teu disangka-sangka.”
Kitu sun pidawuh Rasul. Nanging urang kedah uninga, yen kuncina ngado’a teh nyaeta khusu,ikhlas,sareng hakkul yakin do’a urang baris diijabah ku Gusti Allah.Baarakallaahu lii walakum.***













