Keur warga Bojongsoang-Ciparay-Majalaya jeung sabudeureunana mah, moal bireuk ka nu ngaranna Sasak Cikeruh mah, nyakitu ka Sasak kembaranana tebeh wetan nyatana Sasak Citarik. Ku sabab layeut jeung patalimarga anu nyambungkeun ruteu wewengkon kasabit di luhur. Jalan lintasanana teh sabenerna milik Pemprov Jabar, atawa ceuk warga pada nyebut jalan provinsi cenah.
Keur anu matuh ngaliwat ka dinya, Sapan-Majalaya utamana, ti tanggal 22 September 2023 siap-siap make jalan alternatif, ku sabab mitembeyan renovasi jambatan Cikeruh, desa Tegalluar Bojongsoang, anu meakkeun waragad kurang leuwih 12 Miliar. Alesan dibongkar teh ku lantaran pendek jeung heureut teuing, Jaba ngageduk alias ngamuara pisan ka walungan induk, sasatna Citarum. Matak mandeg aliran walungan katut runtahna oge ngalantarankeun macet tingkat ibukota. Proses kuriakna teh cenah tilu bulaneun ngan bae, atas kawijakan Bupati Bandung DR. HM. Dadang Supriatna, dipanjangan tepi ka genep bulan ka hareup.
Sakumaha anu kungsi didadarkeun dina rohang Galura, sababaraha edisi, kumaha geder-peterna dunya lemes di sabudeur muhara Walungan Cikeruh turta keur sabagean warga Bojongsoang, Baleendah oge Dayeuhkolot katut ka Majalaya Ciparay, ku ayana foklord carita nu ngageugeuhna wujud munding dongkol jeung lauk emas beureum Si Layung. Nyakitu hal anu tumali jeung kuriak jambatan Cikeruh oge teu burung “bersentuhan” jeung nu ngaranna dunya lemes. Aya sababaraha paku alam anu teu bisa nembus ka dasar tanah contona. Oge kaayaan taneuh bantaran anu bangun teu santun terus-terusan urug sok sanajan dirancah ku aseuk gede. Nyakitu mesin tawu sababaraha jugrugan oge bangun teu metu gawena da teu saat-saat lombang gede keur mebeskeun cakar ayamna.
Beja panganyarna pisan ti tatangga jambatan Cikeruh leuwih helok deui. Cenah aya warga Majalaya anu saban janari sok balanja ka Gedebage, biasa nyasak ka jambatan Cikeruh, terus weh malibir make jalan alternatif. Hiji wanci mah, manehna bet papanggihan jeung anu markiran jelema jarangkung gede ngabaralegbeg hideung. Henteu ari kitu kieu mah, ngan reuwas kareureuhnakeun cenah. Da dina enyana oge, piraku wanci janari teuing mah make pirajeunan markiran.
Kajadian satuluyna mah bahla oge, ku lantaran jinisna ngalaman dirawat di rumah sakit. Sarua kajadianana teh pasusubuh, manehna ngabiasa balanja keur kaperluan warungna. Ngan dasar keur gote kulincir sirahna, subuh harita mah mulang ti pasar teh ngadon mengpeng we lebah jambatan Cikeruh teh, atuh puguh, ngagebrus sapada harita. Balanjaanana paburaset ngarangkleung paralid. Manehna kapiuhan ngan hadena aya nu nganyahoankeun. Pada nulungan ku warga dareukeut jambatan, dibanyatkeun ka darat. Sangeus sadar jeung tenang, manehna cacarita, cenah basa ti jauhna deuk meuntas, nu ngaran jambatan Cikeruh teh geus anggeus jaba agreng tohaga, tangtu dina panenjo manehna harita. Nu matak ngadius we, teu kungsi rungkag-rengkog. “Sing demi, Abdi keur cenghar harita teh. Teu, teu tunduh.” Pokna daria pisan.
“Kuriak sasak ieu teh, pateah keur ngaminimalisir caah gede mangsa ngijih. Oge ngalangsarkeun lajuna patalimarga.” Kitu ceuk Dadang Supriatna, basa tutas neken srineu partanda dimimitianana kuriak jambatan Cikeruh. Cenah deuih, pangwangunanana geus dilaksanakeun ground breaking ti mimiti nanceb-nancebkeun patokna. Ku akibat depekna wangun jambatan ceuk Dadang Supriatna, ngalantarankeun cai walungan ngeleb ka daratan bari nyurung welasan ton runtah anu nambak dina jambatanana. Lian ti eta, perlu oge diagendakeun nyieun dano guna nampung turta panyerepan caah. “Ku kituna peupeujeuh sing nyaraah ka walungan teh, ulah tepi ka dijieun carangka runtah.”Kitu cenah ceuk Bupati Bandung kasabit, daria pisan.
Lain deuk ngagegedekeun dunya mitos, pasualan lelemes walungan Cikeruh teh. Sok komo dina kaayaan muharana keur kuriak ayeuna. Ngan bae paling hanteu gambaran kajadian-kajadian aheng teh ngebrehkeun ayana interaksi sosial dunya lemes jeung dunya babadag. Tangtu sarerea, boh rayat boh pajabat disuprih surti jeung ngarti, kumaha cara wijak nyikepanana, utamana keur leuwih ngalayeutan walungan dina pada umumna, wabil khusus walungan Cikeruh, walungan anu ngambat panjat ti wewengkon Ci Keruh Tanjungsari tepi ka ngamuhara ka walungan indung di wewengkon Tegalluar.
Sasak Cikeruh, Sapan Tegalluar Kac. Bojongsoang Kab. Bandung Jabar.***
@emhaubaidillah













